Senin, 13 Oktober 2008

Lebaran di Lembur

Edisi Bahasa Sunda

Biasana ti sore keneh barudak geus ngagarimbung di pipr masigit, pahibut nyieunan kohkol jeung memener bedug keur engke peuting takbiran. Kuring sok ras kajaman baheula keur masih budak keneh. Atoh mun tamat puasa teh, jeung hayang buru-buru lebaran.

Wanci isa saperti biasa, barudak geus mimiti narabeuh bedug jeung narakolan kohkol. saurang-sauran babaturan nyalampeurkeun, patarema leungeung, silih tanyakeun pangalaman. ma'lum geus lawas tara papanggih. Malah aya nu geus pirang-pirang taun teu balik ka leumbur.

Ceuk pikiran kuring, : Mun euweuh poe lebaran boa-boa moal papanggih jeung babaturan keur leutik. Alhamdulilah Gusti, anjeun parantos nangtukeun hiji poe nu baris kuring papanggih, sosonoan jeung kulawarga jeung babaturan". Geuning agama teh leuwih subur tur karasa nikmat na mun teu pacogreg jeung budaya sorangan. Geuning dinagara asalna mah halal bil halal teh teu dikenal, tapi diurang mah leuwih subur keur nyiraman ka agamaan di masyarakat. Jeung na deui bisa mentaskeun kawajiban manusia keur silaturahmi. Apan ceuk katerangan oge : "moal sampurna hubungan manusa jeung gusti na mun teu hade hubungan manusa jeung manusa na".

Sajeroning guntreng jeung babaturan, celetuk teh aya nu ngobrolkeun masalah sajarah. Asa mobok manggih gorowong, obrolan teh jadi pindah kana sajarah. Ngan aya nu can kajawab ku kuring jeung babaturan, lantaran kuring keur leutik hirup di daerah Pakemitan, hiji daerah nua aya dina suku Gunung Sepuh. Kumaha tah riwayat Sanghyang buruan, Eyang Rambut Sadana, Eyang Singa Sadana, Gunung Padang Rawabogo, kabuyutan Cukang Genteng, jeung Eyang Jagasatru nu jadi legenda di daerah ieu. Sabab masih keneh pagaliwota, aya nu nyebutkeun daerah pamujaan, aya oge nu nyebutkeun paranti jalma nu sasar. Terus terang kuring rada hanjelu, lantaran nepi ka kiwari can panggih jeung eta Sajarah.

Ceuk gerentes bathin kuring, : "daerah Kuring teh baheula dilingkung ku daerah Kabuyutan. Paragi jalma suci pagunem catur ngobrolkeun kahadean. Jeung paragi kumpulna para syswa nu mikacinta nagarana. Lain keur ngumpulkeun manusia-manusia nu rek nyegik, sok komo muja ka nu lain Gusti mah".

Wewengkon Gunung Sepuh kiwari geus beuki rame, dijadikeun daerah parawisata. Komo mun poe pere kieu mah. Boroning mobil, motor oge hese usik. Tapi ramena daerah teu dibarengan ku tertib jeung resikna. Sabab beuki dieu asa beuki ruksak. Leuweung ruksak jeung alam ruksak. Tapi sajarah mah beuki tilem, bangun nu teu bakal hudang deui.

Hawar-hawar sora takbir, muji-muji ka Hyang Widi, kanu ngurus jeung ngariksana hirup kuring. Duh ... Gusti ..... hapunten abdi, teuaca tiasa ngajantenkeun diri sabage khalifah nu sajati. Sabab geuning abdi mah sok keuna ku owah gingsir. Sakapeung eling sakapeun poho. Padahal alam teh lain ukur boga kuring, lantaran gening titipan keur generasi nu baris datang.


Wilujeng Boboran Siam.

Pakemitan awal Oktober.

Tidak ada komentar: